Senin, 18 Februari 2013

TIMAH (Ticengklak Manah)

0 komentar
 
Menceritakan tentang permasalahan antara dua keluarga. Kedua keluarga tersebut sama-sama mampunyai anak perempuan (ibunya) yang akan di jodohkan, ibunya sudah hamil oleh pacar ibunya akan tetapi kakek dan neneknya tidak mengetahui hal itu, sampai akhirnya ibunya pun dinikahkan oleh kakek dan neneknya kepada laki-laki yang sudah di jodohkan dari semenjak ia kecil (ayahnya). Setelah pernikahan satu bulan ibunya pun bercerita kepada suaminya bahwa ia telah hamil oleh pacarnya sebelum ia dinikahkan, dan suaminya balas bercerita bahwa ia juga pernah menghamili seorang gadis di luar nikah. Dan mereka pun tidak terpengaruh dengan masalah itu sendiri.
20 tahun kemudian merekapun beranjak dewasa dan menjalin sebuah hubungan istimewa (berpacaran), akan tetapi hubungan itu di tentang oleh ibunya masing-masing, karena ibunya telah mengetahui kalau anak yang menjadi kekasih anaknya adalah anak dari yang menjadi suaminya sekarang.
Di sebuah kesempatan kakak iparnya bercerita tentang kejadian lampau 20 tahun yang lalu. Yang membuat mereka tidak menerima hal tersebut, dan mereka berdua bunuh diri. Akan tetapi arwahnya tidak tenang, dan arwah mereka memutuskan untuk menjalin cinta abadi di akherat sana. (dEyGorrO )
03 Maret 19:00 s/d 22:48 2010
CLUSTER
SMAN 1 Cicalengka
XI_Bahasa 2009/2010
TIMAH
(Ticengklak Manah)
Di hiji aya kaluarga anu unggal poe guntreng di imahna, yen kuhiji masalah nyaeta ku masalah teu ngarestuan hubungan budakna
Adegan  I
(T. Jamu dagang heula terus merhatikeun obrolanna)
Kakek Ipah                  : bu, kumaha lamun anak urang teh kawin keun wae jeung budak pilihan bapak.
Nenek Ipah                  : teu sawios-wios ibu mah terserah kanu jadi pamimpin rumah tangga we…….
Kakek Ipah                  : nya atuh urang badami keun wae sareng si enok na..
Adeagan II
(T. Jamu dagang heula terus merhatikeun obrolanna)
Kakek Iim                    : ambu anak urang teh ges baranjak dewasa gening bisi kaburu kolot mening urang kawin keun weh.
Nenek Iim                    : ah ambu mahsatuju-satuju wae bah
Kakek Iim                    : hayu atuh ayena urang obrol keun ka si iim na.
Adegan III
Enok & iim                   : kang, akang serius teu ka eneng,
Mahmud & juned         : na kunaon kitu neng, sanajan hujan dordar gelap jalan satapak, ku akang mah rek di jugjug.
Enok & Iim                  : kang eneng teh ayena tos positip.
Mahmud & Juned         : positip nanon atuh neng, lamun eneng positip ku akang di tambahan negative, kan jadi netral neng
Enok & Iim                   : euh..si akang mah, serius ieu teh akang, eneng teh positip hamil.
Mahmud & Juned         : naon neng hamil. Alhamdulilah , hamil gening.
Enok & Iim                  : eh……….naon ari si akang, kadon alhamdulilah., kan arurang teh can nikah atuh akang.
Mahmud & Juned         : nya atuh ari kitu mah urang jujur we ka si ambu, yen eneng teh tos hamil, tah ari tos kitu mah pasti di nikah keun kan.
Enok & Iim                  : tapi masalah na aya hiji deui kang.
Mahmud & Juned         : nya masalah naon atuh neng, sok nyarita ka akang.
Enok & Iim                  : kieu kang, neng teh ku si ambu sareng si bapa tos di jodoh keun.
Adegan IV
Nenek                          : euleuh-euleuh ieu nu bobogohan meni karaosan, hayu balik siah, pan maneh th gs di jodoh keun ku ambu jeung si bpk teh, hayu balik.
Adegan V
Pa RT                          : keur nga per singkat waktu, bapak nikah keun enok bin rojatun ka mahmud bin adang, kumaha sah……….
Adegan VI
Pa RT                          :    keur nga per singkat waktu, bapak nikah keun ipah bin eman ka juned bin didin, kumaha sah……….
20 Tahun kemudian
Adegan VII
Udin                             : ipah…..ipah..
KABARET HEULA
Ipah                             : eh…….. akang ku tercinta, nuju naon atuh tidieu akang teh, ngantosan ipah nya.
Udin                             : sanes neng tukang jamu, nya nya tuh neng.
Ipah                             : ih meni so sweet si akang ku.
Udin                             : ehhh… karek apal ? tataraeun neng tiasa kaluar, ari si ambu sareng si abah kamana ?
Ipah                             : nuju ka pasar.
Udin                             : asyiiik, tiasa ngobrol-ngobrol lami tuh neng sareng akang.
Ipah                             : na ngobrolkeun naon atuh akang ?
Udin                             : akang teh bosen neng, lamun arurang backstreet terus, mening urang brak-brak we lah neng ayeuna mah.
Ipah                             : naon kang ?! pek weh ari akang hoyong di peuncit terus kulitna di jieun dorokdok tulangna di jieun souvenir, anu paling parah mah kang di kabiri terus di jieun gantungan konci, daek kang ?
Udin                             : ahhh…. Sawios bedo neng ari kitu mah, biarpun kita backstreet tapi cinta kita akan tetap abadi.
KABARET HEULA
Ujang                           : ehhhhh…. Neng Ipah ku tercinta,  si neng ni hilap we ka abdi teh neng, tiap wengi di telepon teu di angkat, di sms teu di bales, kang ujang teh meni gundah gulandah upami teu aya kabar ti neng teh.
Icih                               : ehhhhh…. Akang Udin ku tercinta, tiap wengi icih teh inget terus ka akang, neng teh butuh sosok kang udin di sisieun neng, ayeuna mah tos hilap ka neng teh nya.
KABARET HEULA
Adegan VIII
Enok & Iim                  : Eleuh-eleuh, ges di bejaan sabeberaha kali, tong ulin jeung budak eta, ieu mah ngadon ngahajakeun, arek jadi naon maneh mun bobogohan jeung budak eta, imah teu boga, motor teu boga, komo deui mobil, dahar sapoe ngan sakali, arek di bere dahar naon lamun engke maneh boga budak ? huut, segon, batu, atawa tai kotok ? budak eta teh miskin, urang oge miskin, matakna lamun neangan kabogoh anu tajir. Buru balik !!! Arek kamana ?!!
Mahmud & Juned         : rek nyarekan jelema anu wawanian ngahina budak kuring.
Enok & Iim                  : rek naon maneh kadieu.
Mahmud & Juned         : rek menta hampura.
Enok & Iim                  : cuih ! hate urang masih nyeri ku kalakuan maneh 20 tahun katukang. Maneh janji sanajan hujan dordar gelap jalan satapak, ku maneh mah rek di jugjug. Tapi mana janji eta ? pokokna urang geus geleuh ningali bengeut maneh.
Mahmud & Juned         : kuring mohon ka anjeun, restui hubungan si Ipah jeung si Udin, ameh si Ipah jeung si Udin teu siga urang duaan bareto.
Enok & Iim                  : cuih cuih cuih !!! urang teu sudi lamun kudu ngarestuan hubungan budak urang jeung budak maneh. Ayeuna maneh indit ti hareupeun urang. ( di susul ku pamajikan masing-masing)
Adegan IX
(Ibu-ibu ngarumpi)
Ibu Kokom                  : iiiihhh,, urang mah boga tatangga teh meni unggal poe pisan dordar gelap di imahna.
Ibu Komariah               : hah !!! unggal poe dordar gelap ?
Ibu Kokom                  : heeuh.
Ibu Komariah               : di imahna ?
Ibu Kokom                  : heeuh.
Ibu Komariah               : unggal poe eta teh dordar gelap di imah ?
ibu Kokom                   : muhun ibu Komariah, ari teu ngarti heeuh mah.
Ibu Komariah               : ohhh (ngahayal sabenerna)
Ibu Kosidah                 : eeehhhh sanes tatangga di teun ibu Kokom wae dordar gelap teh.
Ibu Komariah               : hah ! tatangga ibu Kosidah oge dordar gelap deuih di imahna ?
Ibu Kosidah                 : iiiihhh, leres pisan bu, setiap jam mereun.
Ibu Komariah               : alah-alah setiap jam eta teh ??? (ngahayal deui)
Ibu Kokom & Kosidah : naha ibu Komariah jeung make ngalamun ???
Ibu Komariah               : ahhh kabayang weh lamun unggal poe dordar gelap di imah, jeung perasaan deuih di imah abdi mah cerah unggal wae poe oge.
Ibu Kokom                  : heheh !!! meni pinter pisan ibu Komariah teh nya bu Kosidah.
Ibu Komariah               : iiii tong salah, unggal poe sarapan keju saya mah, matak jadi pinter.
T. Jamu                        : Hei ibu-ibu nuju ngaarobrolkeun naon ieu teh meni asa rame.
Ibu Komariah               : ieu keur ngarobrolkeun tatangga anu di imahna unggal poe dordar gelap. Kabayang nya bu ?
Ibu Kokom                  : heeulah kumaha sia.
(T. Jamu dagang)
Adegan X
(Ipah & Udin bobogohaqn bari susulumputan)
Udin                             : teh kadieu heula geura udin sareng ipah hoyong naros.
Kakak Angkat              : naros naon atuh udin, ipah ?
Udin                             : udin mah heran naha kolot arurang teh ngalarang udin sareng ipah bobogohan ?
Kakak Angkat              : addduuuuhhh,, beurat nyaritakeuna oge.
Udin                             : na beurat kunaon atuh teh ? sok weh nyarita ka udin, udin mah siap ngadangukeun caritana.
Kakak Angkat              : ahhh pokokna mah moal bisa di caritakeun din.
Ipah                             : sok atuh teh nyarita, supados arurang duaan teh teu backstreet wae, da ipah oge bosen backstreet wae teh.
Kakak Angkat              : pokokna mah lamun teteh nyarita, teteh bakal di peuncit ku si ambu.
Ipah                             : teteh bade kitu wae ka neng, pokokna lamun teteh teu nyarita neng rek kawin lari jeung kang udin.
Kakak Angkat              : iiiiss iiiss,, ulah kitu atuh neng, engke teteh deui anu di salahkeun ku si ambu. Hhhmmmm nya sok ayeuna teteh nyarita, tapi Ipah jeung udin kudu narimakeun anu di caritakeun ku teteh.
Udin                             : iaaa lah shyok, udin mah pasti nerima konsekuensina lah.
Kakak Angkat              : kieu din, pah. Sabenernamah anjeun duaan teh masih kaasup dulur, soalna bapa anjeun duaan teh baheulana di paksa kawin jeung indung maraneh.
Udin & Ipah                 : akhh lieur.
Kakak Angkat              : nya pokokna mah bapak Udin teh anu jadi bapa Ipah ayeuna, bapa Ipah teh anu jadi bapa Udin ayeuna, tah kitu ngarti ?
Udin & Ipah                 : jadi ? (ipah lumpat)
Udin                             : ipah, ipah.
Adegan XI
KABARET HEULA (bunuh diri & bidadari datang)
(hantu Udin dan Ipah kembali bangkit)
Hantu Udin                   : ipah lamun cinta urang duaan teu bisa di hijikeun di dunia, cinta urang bakal abadi di akherat.
Hantu Ipah                   : muhun akang, ipah oge mikir sapertos kitu, cinta urang duaan bakal abadi di akherat.
Pencipta : Apri, Bhakti, Deri, Rifki
Penyunting : Deri, Rifki
CLUSTER
Production 2
TEH END
Readmore...

Pajaratan Cinta (Naskah Festival Drama Basa Sunda 2012)

0 komentar
 
Pajaratan Cinta
Karya DHIPA GALUH PURBA

Adegan I

Wanci beurang di palataran nu éndah. Di lebah dinya aya lobang nu mirip lobang kuburan. Arin jeung Jaka anjog. Arin jeung Jaka saumur, kira 25-30 taunan. Barang srog anjog, aya hiji wanoja tengah tuwuh nu nyurungkunung ti jero lobang bari nyikikik seuri, sarta ninggalkeun éta patempatan. Arin ngagoak, ngagabrug Jaka.

JAKA
Teu kudu sieun, Arin. Lantaran urang ogé bakal ngagebrus ka jero lobang…

ARIN
Naha urang bet kudu kikieuanan sagala, Jaka? Naha taya jalan séjén keur nuntaskeunana?

JAKA
Aya. Malah sakapeung mah kuring sok mikir, dimana salahna atuh urang silih pikacinta? Kapan cinta téh anugrah ti Gusti nu kudu dipupusti. Datangna cinta tara pipilih mangsa,  tara ngawilah-wilah kaayaan..

ARIN
Tapi dina kaayaan siga ayeuna, cinta urang téh salah kabina-bina.

JAKA
Cinta mah teu salah, Arin. Di lebah mana salahna cinta? Nu salah mah anjeun. Naha anjeun kalah kawin ka batur? Ari anjeun téh micinta salaki anjeun?

ARIN
Jaka, 10 taun urang paturay. Anjeun leungit laratan, teu kungsi némbongan. Anjeun kudu nyaho, salila éta, kuring téh sabenerna nganti-nganti kadatangan anjeun… Tapi asa teu penting ngamasalahkeun perkara nu geus kaliwat. Ayeuna mah: urang rék kumaha ka hareupna?

JAKA
Kumaha anjeun baé. Naha rék siga Rahwana nu nyulik Shinta, atawa siga Prabu Geusan Ulun ngarebut Praméswari Harisbaya.

ARIN
Rahwana teu bisa meruhkeun Shinta…Cinta Shinta tetep ukur keur Rama. Lalakon kuring teu siga Shinta…

JAKA
Tapi Geusan Ulun mah bisa nyandingkeun Harisbaya…




ARIN
Bener, ngan… naha anjeun geus itung-itungan nyanghareupan perang campuhna? Anjeun bakal palagan ngalawan salaki kuring, kulawargana, kulawarga kuring, sarta anak kuring… naha anjeun siap ngayonanna, Jaka?

JAKA
Lain siap atawa henteu siap. Pasualanna téga jeung henteu téga. Cinta mémang butuh pangorbanan. Tapi… lain kudu ngorbankeun jalma-jalma nu teu tuah, teu dosa. Jalma-jalma nu salila ieu kalintang micinta anjeun.

ARIN
Jadi….?

JAKA
Kuring anu kudu ngéléhan. Kuring nu kudu ngaleupaskeun anjeun… susuganan ku cara kieu anjeun bisa pinanggih jeung bagja…

ARIN
Jaka, naha bener cinta téh mimitina datang tina panon?

JAKA
Bener.

ARIN
Lamun kitu mah kuring moal ningali deui anjeun.

JAKA
Sok, pecakan peureum, ngarah kuring leungit tina paningali anjeun.

Arin peureum. Teu lila nginghak ceurik, nepi ka merebey cipanon.

ARIN
Geuning kalah leuwih jelas ningali anjeun, Jaka….

JAKA
Geus, Arin, teu kudu ceurik. Matak kuring ngajak kadieu ogé, kuring rék nyiar tarékah. Susuganan ieu pisan jalan anu panghadéna pikeun urang.

ARIN
Jalan panghadéna? Kumaha maksud anjeun téh, Jaka?

JAKA
Ieu lobang téh ngaranna Pajaratan Cinta. Can pati loba nu nyarahoeun ka ieu patempatan.

ARIN
Pajaratan Cinta?



JAKA
Enya, Pajaratan Cinta, tempat ngurebkeun cinta. Ceuk dongéngna mah, anu nyieun Pajaratan Cinta téh ngaranna Pohaci Rababu, nu hirup dina jaman karajaan Galuh.

ARIN
Naon alesanna Pohaci Rababu bet nyieun Pajaratan Cinta?

JAKA
Lantaran… sanggeusna Rababu kawin ka Sempakwaja, manéhna kungsi salingkuh jeung Mandiminyak. Rababu kaduhung. Rababu sadar kana kasalahanana. Anu antukna Rababu nyieun lobang di dieu, pikeun ngurebkeun cintana ka Mandiminyak sigana mah…

ARIN
Jadi, lamun urang asup ka Pajaratan Cinta, hartina cinta urang bakal musna?

JAKA
Urang cobaan wé. Sabab, béjana mah sing saha nu hayang ngurebkeun cinta, tinggal asup kana lobang Pajaratan Cinta….

Arin jeung Jaka asup ka jero lobang. Saméméh laput, Arin ngahuleng, tuluy neuteup Jaka. Sakedapan silih teuteup.

ARIN
Jaka, basa Pohaci Rababu salingkuh jeung Mandiminyak… naha aya sambungan caritana?

JAKA
Naon maksud anjeun? Sambungan carita siga kumaha maksudna?

ARIN
Maksud téh…. Nepi ka kumaha salingkuhna Rababu?

JAKA
Oh…. Kadinya maksud anjeun téh. Lamun anjeun hayang nyaho, balukarna salingkuh jeung Mandiminyak, Rababu nepi ka ngandeg. Saterusna boga budak nu dingaranan Bratasena. Lalakonna panjang kénéh. Brataséna boga turunan nu dingaranan Sanjaya.

ARIN
Sanjaya? Mun teu salah, anjeun kungsi nyaritakeun kumaha hébatna tokoh nu ngaran Sanjaya dina jaman karajaan Galuh. Anjeun kalintang mikagum tokoh Sanjaya. Malah… anjeun kungsi nyarita, lamun hiji mangsa diparengkeun boga budak lalaki, bakal dingaranan Sanjaya.

JAKA
Enya, bener. Lamun kuring boga budak ti anjeun, bakal dingaranan Sanjaya.


ARIN
Jaka, apan Mandiminyak ogé henteu kawin ka Pohaci Rababu, tapi geuning manéhna bisa boga turunan ti Pohaci Rababu.

JAKA
Kuring lain Mandiminyak, Arin! Jeung sabenerna, Mandiminyak mah henteu micinta Rababu. Mandiminyak ukur ngalajur napsu. Cinta kuring ka anjeun, henteu siga Mandiminyak ka Rababu. Kuring mikanyaah anjeun, mikadeudeuh anjeun, teu boga niat ngageugeuleuh diri anjeun.

ARIN
Jaka….

JAKA
Arin, hayu urang kurebkeun cinta urang…

Jaka jeung Arin asup ka jero lobang nepi ka laput. Lampu pareum.


Adegan II

Wanci peuting. Arin hanjat ti jero lobang bari ngahinghing ceurik. Tuluy ninggalkeun éta patempatan. Teu lila, Jaka ogé hanjat ti jero lobang.

JAKA
Arin…! Ariiin…! Ariiin…!

Jaka ngulibek néangan Arin tug nepi ka ngalempréh.

JAKA
Ariin… (ngahariring sempalan laguSempurna”)….janganlah kau tinggalkan diriku, tak kan mampu menghadapi semua, hanya bersamamu ku akan bisa…

Kadéngé aya sora anjing babaung.

JAKA
Gandéng lah, anjing, teu kudu babaung sagala. Nu dikurebkeun mah ukur cintana, lain jalmana…

Anjing ngagogog harus pisan. Jaka ngaranjug, awahing ku reuwas, langsung luncat ngagebruskeun manéh ka jero lobang.

JAKA
(di jero lobang, nuluykeun haharingan lagu “Sempurna”) kau adalah darahku, kau adalah jantungku, kau adalah hidupku, lengkapi diriku, oh sayang engkau begitu sempurna….

Ronghéap, datang Arin nu salin jinis jadi Pohaci Rababu

RABABU
Angin tingtrim nu ngadalingding nyanding kasimpé peuting, pangnyingraykeun aling-aling nu mindingan éling. Purnama nu murubmubyar mancerkeun cahya gilang gumilang, panggeuingkeun hiji jajaka asmana Jaka…

Jaka hanjat ti jero lobang. Tuluy mencrong Rababu dibarung rasa kahémeng.

JAKA
Arin?!

RABABU
Caang bulan narawangan, teuteup anjeun masih kénéh taya lilinggeran. Anjeun tetep nuturkeun geterna rasa, ngayunkeun rupaning haréwos dada. Antukna beureum hideungna carita kahirupan nu saméméhna anggang tina sawangan, kiwari pagaliwota meulitan raga. Gumulung raga disurakan sétan, haroshosna sora, kebek kadurjanaan. Geus peupeus eunteung pamuka rasa anjeun. Geura gebraykeun paneuteup anjeun, buka mata jiwa, beunta mata soca. Purnama ukur éndah disawang ti kaanggangan. Sakapeung cinta ngalolongkeun mata jiwa jeung mata panon. Sakur nu kasawang ukur manéhna. Ningali béntang siga Arin. Ningali langit siga Arin. Ningali kula ogé siga Arin…

JAKA
Lamun anjeun lain Arin, saha atuh anjeun téh?

RABABU
Najan taya kecap nu kedal, najan taya rindat nu natrat, kasatiaan bakal karampa na pungkas carita. Teuing geus sabaraha kali anjeun ngajejeléh kula, majar kula kungsi rucah jeung Si Mandiminyak.

JAKA
Pohaci Rababu? Anjeun téh Nyai Rababu téa? Ah, piraku teuing? Ngimpi meureun ieu mah…

RABABU
Antara impian jeung kanyataan ukur diwatesan ku lalangsé éling. Angin leutik ngadalingding, ngaguar mangsa lungkawing, mawa nyérédét kana rasa nu rungsing.

JAKA
Naon maksud anjeun nepungan kuring, Nyai Rababu?

RABABU
Anjeun nunggeulis dina gerotna kahirupan. Padahal unggal léngkah, léngkah anjeun. Unggal rénghap, unggal kecap, saéstuna ukur kahayang anjeun sorangan. Anjeun teu nyaho pangbalikan. Anjeun kasarung. Anjeun kalarung. Taya gunana anjeun humarurung ngumbar kabingung. Sakalina anjeun ngurebkeun cinta di Pajaratan Cinta, mangka saéstuna anjeun ngurebkeun sagala rupana. Asih pasini baris lugay na kembang samoja, taneuh beureum papaés nu hamo sirna…

JAKA
Kuring teu ngarti kana caritaan anjeun, Nyai Rababu. Tapi geus jadi tékad kuring, moal incah balilahan ti Pajaratan Cinta saméméh cinta kuring ka Arin bener-bener sirna…

RABABU
Asih munggaran dina carita katresna, muga henteu dipungkas ku keclakna cimata. Katresna anjeun, katresna Arin datangna deui dina mangsa nu salah. Geus leuir kacida. Mending geura sorang ku anjeun carita anu baris datang. Anjeun bakal nyorang bagja dina ranggeuman réma-réma anjeun. Anjeun bakal manggih bungah dina seuseup deudeuh. Tuh, teuteup ka hareup ku anjeun… sapanjang léngkah pikahareupeun, pinuh jukut ngémploh héjo, ngembat lir alketip buludru, nu bakal nilaman suku tina cucuk ruhit. Anjeun bakal nyaksi katumbiri anu melengkung di langit cangra, nu mayungan katresna, nu ngaraketkeun duriat, beureum, héjo, konéng, gandola, murub mubyar nyawér tali asih…

JAKA
Kuring moal manggih kabagjaan lamun teu ngahiji jeung Arin. Sakali Arin, salawasna bakal tetep Arin. Cinta kuring ukur keur Arin. Anjeun ulah myapirakeun cinta munggaran. Cinta nu dianyam ti jaman keur nyuprih pangarti di sakolaan, mibanda kakuatan nu rohaka.

RABABU
Cinta nurutkeun anjeun ukur manjang lana sapanjang tacan datang cinta nu hiji deui. Tangkeup geugeut anjeun saukur mawa ngapung ngawang-ngawang,  nobros hahalang dunya nu mémang kacirina caang baranang. Hanjakal, béntang nu tinggurilap, bulan anu narawangan alam, ukur mawa nyimpang ka sawarga dunya, nu bakal méré siksa dina poé panungtungan…

JAKA
Basa keur sakola, kuring sabangku jeung Arin. Ka mamana babarengan, tug nepi ka kedal jangji pikeun ngahiji. Sakali deui, ulah nyapirakeun hiji cinta jaman sakola…

RABABU
(bari malikeun awakna, rék ninggalkeun Jaka) Kuriling uring-uringan, nokér jalan rumpil kahirupan, tanwadé wates singkur kabunian. Gudawang raheut nu kasorang, hamo kaubaran. Galengan leutik nyiripit, ngapit jarami tangtungan dina usum paceklik, mawa kapeurih dina haté anu ruhit. Kula amit…

Pohaci Rababu ngaléngkah ninggalkeun éta patempatan, tapi ngarandeg lantaran Jaka ngageroan.

JAKA
Nyai Rababu…ari anjeun bogoh ka Mandiminyak?

RABABU
Ukur sakédét nétra lalakon anu karandapan, ninggalkeun gurat-gurat kapeurih nu taya papadana. Papadon los kakolong, gingsir tina panaksir, sulaya tina panyangka, horéng asihna ngan pupulasan. Pegat kamelang, asih geus pungkas. Saéstuna kula kawisaya ku Si Mandiminyak. Sakali deui, kula kawisaya. Kilang kitu, kacinta kula ka Brataséna taya hinggana. Brataséna anak kula, nu teu tuah, teu dosa.

Rababu ninggalkeun éta patempatan. Jaka ngahuleng hareupeun lobang.

O.S. SANGKURIANG
Sumbi….! Sumbiii…!

Sangkuriang ngaronghéap datang.

SANGKURIANG
Kisanak, ari andika ningali awéwé geulis ngaliwat kadieu?

JAKA
Ningali, malah bieu ngawangkong didieu.

SANGKURIANG
Ayeuna kamana?

JAKA
Indit ka beulah ditu.

Sangkuriang lumpat ka lebah nu dituduhkeun ku Jaka. Teu lila, Sangkuriang balik deui.

SANGKURIANG
Euweuh geuning, Kisanak. Aéh, ari bieu ngawangkong naon baé? Naha manéhna ngobrolkeun kuring?

JAKA
Mémangna saha ngaran anjeun téh?

SANGKURIANG
Piraku andika teu wawuh ka kuring. Apan kuring téh sinatria nu geus kaceluk ka kadang éwu, kakoncara ka janapria. Ngaran kuring Sangkuriang téa…

JAKA
Sangkuriang?

SANGKURIANG
Teu salah, kuring pisan Sangkuriang. Pasti awéwé geulis nu bieu ngomongkeun kuring nya?

JAKA
Asa henteu nyaritakeun ngaran anjeun.

SANGKURIANG
Ngomongkeun saha atuh?

JAKA
Ukur nyebut ngaran Mandiminyak jeung Brataséna …


SANGKURIANG
Piraku teuing teu nyebut ngaran kuring, Kisanak? Asa kakara ngadéngé ngaran mandiminyak atawa Brataséna. Jawara ti mana maranéhna téh? Boa-boa nu bogoheun ka Dayangsumbi.

JAKA
Dayangsumbi? Asa beuki jangar kieu.

SANGKURIANG
Andika teu kudu jangar sagala. Ayeuna mah kari jawab,  saha ngaran awéwé nu bieu ngawangong jeung andika?

JAKA
Pohaci Rababu…

SANGKURIANG
Pohaci Rababu? Hartina andika ngabohong ka kuring. Ceuk andika, bieu andika ngawangkong jeung awéwé geulis… tapi geuning ngaranna Pohaci Rababu.

JAKA
Lebah mana kuring bohongna? Mémang Pohaci Rababu téh kalintang camperenik geulis…

SANGKURIANG
Ah, rahul pisan andika mah. Di ieu dunya, euweuh deui awéwé nu geulis kawanti-wanti, kajaba Dayangsumbi.

JAKA
Béda panon, béda cara ningali…

SANGKURIANG
Ceuk sasaha ogé Dayangsumbi panggeulisna mah. Awas mun andika nyebut Rababu leuwih geulis ti Dayangsumbi…

JAKA
Enya, Dayangsumbi mémang geulis kawanti-wanti. Tapi moal bisa nandingan kageulisan Arin…




SANGKURIANG
Arin? Asa ahéng pisan ngaran téh. Sapanjang kuring kumelendang di alam dunya, tacan kungsi manggihan jalma nu ngaranna Arin, boh awéwé, komo lalaki….

JAKA
Lamun anjeun geus panggi jeung jinisna, pasti anjeun bakal percaya…

SANGKURIANG
Pamohalan, Kisanak! Moal aya awéwé nu nandingan kageulisan Dayangsumbi…

Ronghéap Arin, nu salin jinis jadi Dayangsumbi.

SANGKURIANG
Tah geuning, anu ditéangan téh teu burung némbongan…

JAKA
Arin….?!

Jaka rék ngadeukeutan Dayangsumbi, tapi ngarandeg lantaran disentak ku Sangkuriang.

SANGKURIANG
Héy… andika ulah kumawani ngadeukeutan Dayangsumbi. Ulah sambat kaniaya lamun andika paantel kulit jeung Dayangsumbi….

DAYANGSUMBI
Sangkuriang, hidep téh anak kuring. Sing percaya ka kuring. Kuring mah indung hidep. Naon kasebutna lamun anak jatukrami ka indungna sorangan? Geura éling, Sangkuriang…

SANGKURIANG
Teu kudu réa alesan, Sumbi. Kuring téh cinta ka anjeun. Tuh, aya bulan dina panon anjeun. Kasatiaan kuring bakal leuwih ti bulan. Kasatiaan kuring bakal leuwih tina panon anjeun. Bulan tara némbongan unggal peuting, ari kuring mah bakal maturan anjeun saban peutin. Panon anjeun tara beunta beurang-peuting. Ari kuring mah bakal ngajaga anjeun salawasna….

JAKA
Jadi… anjeun téh Dayangsumbi?

DAYANGSUMBI
Bener pisan, Kisanak. Ngahaja kuring ngajugjug kadieu, hayang ngurebkeun rasa cinta kuring jeung cinta Sangkuriang. Lantaran, apan anjeun apal sorangan, Sangkuriang téh anak kuring.

SANGKURIANG
Sakali deui, kuring teu percaya lamun anjeun indung kuring…

DAYANGSUMBI
Kuring indung hidep, sing percaya anaking… tuh aya ciri nu sayakti dina mastaka hidep.

JAKA
Mémang hésé ngabuktikeunana ari saukur ningali ciri dina sirah mah. Lamun hayang leuwih yakin jeung akurat, mending kénéh tés DNA.

SANGKURIANG
Andika ulah kalah ngacapruk. Hayu, Sumbi… kuring téh deudeuh pisan ka anjeun.

DAYANGSUMBI
Teu beunang dibéjaan geuning hidep téh. Lamun kitu carana, hayu urang asup ka jero lobang…

SANGKURANG
Ulah, Sumbi! Ieu téh apan Pajaratan Cinta! Lamun anjeun asup ka dinya, hartina anjeun rék ngubur rasa cinta…

DAYANGSUMBI
Enya, mémang cinta urang kudu dikurebkeun didieu.

Dayangsumbi ngagajleng ka jero lobang.

SANGKURIANG
Sumbi, ulah kikituan! Hayu buru-buru hanjat deui!

DAYANGSUMBI
Hidep nu kudu asup ka dieu, Sangkuriang… ngarah hidep henteu micinta indung sorangan.

SANGKURIANG
Moal! Anjeun mah da lain indung kuring. Anjeun kudu jadi pamajikan kuring. Buru hanjat deui, Sumbi! Kisanak, bantuan panghanjatkeun Dayangsumbi…

JAKA
Percumah, Sangkuriang. Sing saha anu ngasruk ka Pajaratan Cinta, hartina…

SANGKURIANG
(bari nyurungkeun awak Jaka, nepi ka Jaka tigebrus kana lobang) Lain percumah-percumah, bantuan panghajatkeun Dayangsumbi!

Ti jero lobang, Jaka munggu Dayangsumbi. Sangkuriang ngarawél leungeun Dayangsumbi nepi ka hanjat ti jero lobang.  Jaka hanjat sorangan.

DAYANGSUMBI
Sangkuriang, hidep kudu asup ka jero lobang.


SANGKURIANG
Moal. Di ieu dunya, kuring mah taya nu dipikasieun. Ukur hiji nu dipikasieun ku kuring, nyaéta sieun kaleungitan anjeun, Sumbi.

Sakilat Dayangsumbi rék nyérédkeun awak Sangkuriang sangkan tigebrus kana lobang. Tapi Sangkuriang ngagiwar, anu antukna kalah Jaka nu kasurungkeun. Jaka tigebrus deui ka jero lobang.

DAYANGSUMBI
Lamun anjeun keukeuh maksa… teu bisa kumaha deui.

SANGKURIANG
Anjeun daék jadi pamajikan kuring?

DAYANGSUMBI
(unggeuk) Tapi aya tanjakanna…

SANGKURIANG
Naon baé saratna, tangtu ku kuring bakal diayonan. Sok, geura sebutkeun naon saratna, Sumbi.

DAYANGSUMBI
Engké baé bakal dibéjakeun di imah. Hayu ayeuna mah urang mulang…

SANGKURIANG
(Rék ngaléng Dayangsumbi) Hayu, Sumbi…

DAYANGSUMBI
(Ngépéskeun leungeun Sangkuriang) Jug, hidep leumpang tiheula.

SANGKURIANG
Anjeun nu kudu tiheula, bisi aya nu ngaganggu anjeun.

Dayangsumbi jeung Sangkuriang patutur-tutur ninggalkeun éta patempatan. Lampu pareum.


Adegan III


Wanci beurang. Roni datang bari ngagukguk ceurik. Roni, hiji lalaki nu umurna antara 20-25 taun.

RONI
Harianeun pisan… téga pisan anjeun cidra. Naha anjeun mani téga? Naha anjeun bet hianat? Duh,  tulungan uing! Cik atuh sing aya piwelasna, tulungan uing… tulungan uing….!

Jaka hanjat ti jero lobang bari gigisik. Roni langsung ngagabrug Jaka.

RONI
Tulungan uing, Mang… tulungan uing….

JAKA
Enya, jep heula atuh, ulah ceurik baé. Sok ayeuna mah geura caritakeun sing jéntré, aya pasualan naon atuh silaing téh?

RONI
Nyeriii, mang… nyeri pisan…

JAKA
Enya nyeri téh nyeri kumaha? Pok, geura caritakeun….

RONI
Pamajikan uing salingkuh, Mang… nyeri pisan. Nasib téh kieu-kieu teuing. Padahal kurang kumaha uing téh? Kurang kumaha, Mang? Saban poé uing digawé dug hulu pet nyawa ukur ngabélaan pamajikan. Naha atuh asih dipulang sengit… asih dipulang sengit…harianeun… kejem… téga…

JAKA
Geus, ulah katutuluyan, Jang. Matak kitu gé, pamajikan silaing téh sigana geus teu suka ka silaing. Lamun geus teu suka, nya ulah dipaksakeun. Sabab, lamun anjeun maksa nu teu suka, tangtu baé salah kacida… Mending bikeun wé ka salingkuhanna, tuluy du’akeun sing pinanggih jeung kabagjaan.

RONI
Tapi uing bogoh pisan, Mang…uing embung pipisahan jeung pamajikan. Uing bogoh kabina-bina. Basa uing hayang kawin ka manéhna, puasa mutihna ogé 41 poé…

JAKA
Lamun bogoh kénéh, kari tuluykeun wé rumahtangga silaing, teu kudu loba nyarita….

RONI
Tapi… tapi… haté uing peurih kacida… nyeri pisan…

JAKA
Jadi, silaing téh hayang kumaha atuh?

RONI
Kapaksa… uing rék ngurebkeun ieu cinta ka pamajikan… taya deui jalan iwal ti dikurebkeun di Pajaratan Cinta….

JAKA
Éta mah kumaha silaing. Lamun silaing geus buleud patékadan rék ngurebkeun cinta, kari ngagebruskeun manéh ka Pajaratan Cinta…

Roni ngaléngkah ka deukeut lobang. Ngajanteng sakedapan bari neuteup ka jero lobang, tuluy mencrong ka jauhna. Kalayan asa-asa, Roni ngagebruskeun karep ka jero lobang.
Teu lila, Agni ngaronghéap datang. Agni, hiji pajabat nu umurna kira-kira 40-45 taun.

AGNI
Sampurasuuun…!

JAKA
Rampés…

AGNI
Punten, rék tumanya… ari ieu téh nyaan Pajaratan Cinta téa?


JAKA
Leres pisan.

AGNI
Ari didinya kuncén Pajaratan Cinta?

JAKA
Sanés ari kuncén mah. Nanging… simkuring terang kana sasakalana ieu Pajaratan Cinta.

AGNI
Lamun kitu mah, geus wé ti mimiti ayeuna, didinya diangkat jadi kuncén Pajaratan Cinta. Urus sing bener ieu Pajaratan Cinta. Lamun aya nanaon, kari ngomong ka didieu. Didinya tangtu nyaho saha ari didieu. Nyaho teu saha ari didieu?

Jaka mencrong sakedapan.

JAKA
Duh…. Geuning ieu téh pangersa… hawatos teuing kersa rurumpaheun kadieu. Tangtos baé atuh simkuring terang pisan ka salira. Salami ieu, simkuring mung terang ka salira téh dina tivi wungkul. Manahoréng salira téh….

AGNI
Geus teu kudu disebutkeun, bisi aya cakcak bodas. Pokona sing demit. Rusiahkeun lamun didieu kungsi nganjang ka Pajaratan Cinta.

JAKA
Hapunten, cinta ka saha nu badé dikurebkeun ku salira téh? Cinta ka tuang garwa?



AGNI
Éta mah geus tangtu, lantaran kuring boga kabogoh deui ka ABG. Tapi aya nu leuwih penting ti éta…

JAKA
Hapunten… dupi maksadna kumaha?

AGNI
Sakeudeung deui ogé didieu bakal jadi wawakilna nu ngawakilan wakil mentri. Engké lamun geus jadi, didieu hayang jadi wakilna wakil mentri. Geus kitu, naék kana wakil mentri, tuluy jadi mentri. Lamun geus jadi mentri, didieu rék nyusun stratégi pikeun nyalon jadi Présidén. Kumaha wé carana, ngarah rayat boga anggapan yén didieu téh dikaniaya ku présidén. Rayat urang mah pan karunyaan lamun nyaksian anu dikaniaya téh. Pasti didieu bakal dibaréla ku rayat, tur didukung jadi présidén.


JAKA
Saé, saé… saé pisan impénan téh…

AGNI
His, lain impian atuh! Nu kitu mah ngaranna cita-cita. Bédakeun antara impian jeung cita-cita. Ari impian mah hiji kahayang nu boa iraha kahontalna, malah deukeut-deukeut kana moal kabiruyungan. Contona mah lamun didieu hayang jadi pamaén Realmadrid, éta ngaranna ngimpi, da puguh teu becus maénbal. Béda jeung cita-cita, anu pararuguh targét waktuna, bari jeung ngukur kaayaan anu ayeuna keur disorang.

JAKA
Oh, hapunten pami kitu mah. Lajeng, wangsul deui kana perkawis ngurebkeun cinta téa… cinta ka saha anu badé dikurebkeun ku salira?

AGNI
Regepkeun, Mang Kuncén, sakumaha anu kasaksian ku urang ayeuna, kahirupan téh asa beuki ketir ngabandunganana. Loba rahayat nu katalangsara lantaran geus teu walakaya nganghareupan kahirupan nu natrat beuki beuki beurat. Pangangguran beuki nambahan, anu antukna angka kamiskinan réalitasna mah jelas naék pisan. Ngabusung pisan lamun aya nu nyebutkeun angka kamiskinan turun. Tuh, tingali nu baramaén di parapatan! Tuh, ténjo nu haréés di kolong jambatan! Tuh, saksian nu ngantay pasesedek rék dibagi dibagi duit ku jutawan! Tuh, deléh nu padumukanna digusur! Tuh, deuleu pasar-pasar tradisional nu diduruk! Jalma leutik mah beuki kaséréd, tur lila-lia tangtu bakal kaléléd. Matakna teu anéh lamun ngalantarankeun beuki undakna kriminalitas jeung karusuhan. Nu silih paéhan alatan perebut hakaneun. Nu silih podaran alatan parebut lahan usaha. (nginghak) Peurih haré didieu téh… nyeri pisan nyaksian kaayaan rahayat siga kitu.

JAKA
Sumuhun, mémang kitu kanyataanna…

AGNI
Heueuh, Mang Kuncén, tapi ari di sisi séjén mah kaayaanna papalimpang pisan. Para pajabat pamaréntah jeung wakil rayat, mancénna baroyot jeung barolot. Beuteung wé galembrot ladang cocorokot. Aya ogé nu ngan nguruskeun patlot. Lain patlot sabangsa péso pangot, da ieu mah patlot anu sok ditambaan ku Ma Érot. Angot nu pipina karempot. Nyahona ngan dikenyot jeung dilamot. Beuki parétot jeung paréot, mingkin kahot cocorokot. Diarot. Regot, regot, ngaleueut késang rayat nu lamokot boborot bobolokot. Siga nu heueuh tipopolotot sosorongot ngabéla rahayat di nagri warisan kolot. Silih sorobot, silih kaprot. Nu puguh mah ukur hayang kasorot, ngarah leuwih laluasa cocorokot.  Brot! Brot! Brooot…! Brooot…! Torotot! Torotot! Héot…! Maranéhna babacot. Kalah bau badot.

JAKA
Sumuhun, leres, leres, simkuring sapuk pisan. Teu sangki salira téh geuning pajabat anu kritis. Langki pisan pajabat anu titén kana nasib rahayat sapertos salira…



AGNI
Nu matak didieu ogé ahirna jadi ngarumas. Naha batur mah mani taya ras-rasan madog duit rahayat? Naha batur mah mani taya kainggis ngabeungharkeun dirina jeung kulawarga? Béda, béda pisan jeung didieu nu salawasna asak timbangan, tara kumawani korupsi saeutik-eutik acan. Karunya, deudeuh, nyaah, jeung cinta ka rahayat. Didieu kalintang cinta ka lemah cai, geusan wariskeuneun ka anak incu nu baris datang.

JAKA
Saé, saé pisan salira mah…

AGNI
Lain saé-saé, Mang Kuncén! Didieu ogé sarua baé hayang beunghar, hayang nyandung, hayang boga awéwé simpenan. Mangkaning kasempetan keur korupsi mah kalintang lobana. Sakali korupsi gé didieu mah bisa kabeuli pulo, bisa kabeuli mobil pangméwahna, bisa bobogohan jeung modél pangséksina…

JAKA
Punten, dupi maksadna kumaha?

AGNI
Heueuh, pangna didieu datang kadieu téh apan tujuanna éta. Didieu hayang ngurebkeun rasa cinta ka rahayat jeung lemah cai, ngarah laluasa korupsi bari teu boga rasa karunya, nyingkirkeun rasa watir, nyingkahkeun rasa welas ka sasama. Didieu hayang jadi jalma téga! Kajeun teuing batur mah katalangsara ogé, nu penting mah didieu bisa sukan-sukan sapanjang jaman….

JAKA
Janten… salira téh badé ngurebkeun rasa cinta ka rahayat sareng lemah cai?

AGNI
Enya, didieu geus buleud patékadan, mending kénéh dikurebkeun baé, ngarah teu loba pikiran dina ngagasak duit rahayat téh.

JAKA
Sumangga, salira kantun lebet kana lobang pajaratan cinta. Kurebkeun cinta salira di dinya….

AGNI
Hé hé hé… nuhun, Mang Kuncén. Ayeuna kénéh didieu rék asup ka Pajaratan Cinta…

JAKA
Pangapunten… raksukan salira kedah dilaanan heula. Cekap nganggo kolor baé.

AGNI
Har, na moal peundeul kitu?

JAKA
Teu kedah isin-isin sagala. Kapan engké ogé salira moal gaduh kaisin pami diparengkeun janten koruptor…

AGNI
Aéh, enya bener. Naha maké jeung kudu éra sagala. Geus hiji tradisi jadi koruptor mah. Bakal sohor, loba disorot kaméra tivi. Dibui paling sababaraha taun, jaba dipotong rémisi. Kaluar ti bui kari nunjalan duit ladang korupsi pikeun sukan-sukan méakeun umur…

Agni mukaan pakéanna, kari nyésakeun kolor jeung dasi.

AGNI
Mang Kuncén, meunang lamun dasina teu dibuka? Sabab dasi ieu téh jimat didieu, meunang marancahan 99 urang dukun, sangkan didieu tetep kapaké ku rahayat. Saratna ieu dasi ulah leupas tina awak dina kaayaan kumaha baé ogé. Lamun dasi ieu dibuka, bakal ragrag jabatan didieu téh…

JAKA
Mangga, kénging…

Agni ngaléngkah ka deukeut lobang. Teu asa-asa, ngagajleng ka jero lobang. Roni ngagoak. Agni ogé ngagoak. Agni hanjat deui.

AGNI
Bedul siah….! Geuning aya mangkeluk di jero lobang?! Leuheung lamun awéwé mah, didieu ogé atoh. Apan itu mah sarua jalu! Naha moal nanaon paduduaan jeung anu jenis kelaminna sarua? Kumaha lamun mangkeluk itu gay? Cilaka tah didieu digadabah ku gay…

Roni hanjat ti jero lobang.

RONI
Sangeunahna pisan siah nuduh gay ka uing… (reuwas barang ningali rupa Agni) aéh… hapunten… manawi téh sanés pangersa. Hapunten pisan….

AGNI
Matakna saméméh engap téh, deléh heula saha nu keur disanghareupan, kéhéd!

RONI
Hapunten, Pangersa… hapunten pisan… mangga bilih pangersa bade lebet ka Pajaratan Cinta mahi, da abdi parantos réngsé. (Ka Jaka) Hatur nuhun pisan Mang, ayeuna mah geus ilang rasa cinta ka pamajikan nu rucah téh. Ayeuna geus buleud patékadan, rék pipisahan baé. Pilakadar urusan awéwé, asa teu kudu leuleuweungan sagala. Nyeri haté ku awéwé, ubarna kari awéwé deui. Naon héséna sih?

JAKA
Sukur wé ari silaing geus cageur mah….

RONI
Geus walagri deui ayeuna mah. (Ka Agni)  Mangga, pangersa, abdi badé permios tipayun…

AGNI
Kélanan, kumaha karasana sanggeus rereb di Pajaratan Cinta téh?

RONI
Mujarab pisan, Pangersa. Cinta abdi langsung ilang… Mangga cobian ku pangersa…

Roni ninggalkeun éta patempatan.

AGNI
Enyaan, lamun kitu carana mah matih pisan geuning Pajaratan Cinta…

Agni ngaléngkah ka lebah lobang. Saméméh ngagajleng noongan heula ka jero lobang.

JAKA
Teu aya sasaha ayeuna mah…

AGNI
Nyaan?

JAKA
Leres… mangga geura lungsur…

Agni ngagajleng ka jero lobang. Tapi teu lila ngagoak, bari tuluy hanjat deui.

AGNI
Gélo téh… geuning loba bangkong korodok!

JAKA
Teu sawios-wios atuh pilakadar bangkong korodok. Kapan salira ogé moal aya béntenna sareng bangkong korodok saupamina tos henteu cinta ka rahayat mah…


AGNI
Aéh, enya bener…

Agni ngagajleng deui ka jero lobang. Teu lila, Agni seuri ngagakgak di jero lobang.

AGNI
Ha ha ha…ngeunah geuning daging bangkong korodok ogé…. Dihakan ku aing mah kabéhanana!

Jaka ngarasa murel nepi ka hayang utah. Teu lila, Agni hanjat ti jero lobang.

AGNI
Gampil pisan geuning ngurebkeun cinta ka rahayat mah. Babari pisan, ha ha ha…! Bener-bener matih Pajaratan Cinta téh!  Ayeuna ogé geus langsung ilang rasa cinta. Isukan moal asa-asa ngagasak duit rahayat, ha ha ha…. Kuring bakal jadi jalma jegud, bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah… ha ha ha… bru anu munu’u, bro anu marontok, ngalayah nu nangkarak bengkang… ha  ha ha…

Agni mulungan bajuna, tuluy ninggalkeun éta patempatan.
Sakedapan Jaka ngahuleng siga nu linglung. Rét ka luhur, rét ka handap, teu puguh cabak. Tuluy ngaléngkah ka deukeut lobang.

JAKA
(ngagorowok harus) Aaaaggh….! Ariiiin….! (ngahariring sempalan lagu “Matahariku”, Agnes Monica) …dengarlah matahariku suara tangisanku, ku bersedih karna panah cinta menusuk jantungku, ucapkan matahariku puisi tentang hidupku, tentangku yang tak mampu menaklukan waktu…

Jaka ngagebruskeun manéh ka jero lobang.

Sapasang lalaki jeung wanoja asup bari silih kaléng, ngaléngkah ka deukeut lobang. Duanana asup ka jero lobang. Teu lila duanana kaluar deui bari silih baeudan. Tuluy ninggalkeun éta patempatan kalayan leumpangna ngalér-ngidul.

Asup saurang lalaki bari sura-seuri sorangan. Tuluy asup ka jero lobang. Teu lila kaluar deui, bari ceurik ngagukguk, tur ninggalkeun éta patempatan..

Asup saurang wanoja bari nginghak ceurik. Tuluy asup ka jero lobang. Teu lila, kaluar deui bari nyéréngéh seuri sorangan, sarta ninggakeun éta patempatan.
Lampu pareum.
Adegan IV

Wanci Peuting. Arin nu salin jinis jadi Pohaci Rababu ngaronghéap.

RABABU
(Ngahariring pupuh Asmarandana)
Nu nanceb dipusti-pusti
Aya sirung teu kembangan
Lantaran poho ngalongok
Katumbiri méré béja
Rék datang sandékala
Euntreup kana eusi nyiru
Da napian salah mangsa

Béas beunyeur katut bangsal
Geuwat pisahkeun ayeuna
Bisi kabobodo ténjo
Paur kasamaran tingal
Mending ngampar sajadah
Mapag Nyi Purnama imut
Sandékala bakal ngejat


Jaka hanjat ti jero lobang

JAKA
(ngahariring Pupuh Kinanti)
Ngémploh héjo nyawang lembur
Tinggarupay di basisir
Hayu urang ngampar samak
Mapag léngkah nu kasilih
Carita wegah lekasan
Ngagurat jangji pasini

Cambéwék ibun di gunung
Mawa nyawang hiji asih
Méga lir medar carita
Langit ngajerit ka bumi
Jagat ngocéak ka apah
Basa éling Arin leungit

RABABU
Léngkah leutik nyacag  jukut, haté rangkidut. Ibun ka ibunan, sumirat hamo némbongan. Halabhab wahangan, nganti hujan salaksa duriat. Cipruk cimata di lelemah wirangrong, nu ngahuyungkung tisolédat na walahar. Anjeun budra-bidru ngaléngkah, tuluy anjeun tikoséwad dina amlongan.




JAKA
Naon éta téh hartina, Nyai Rababu? Naha anjeun ukur datang di antara impian jeung kanyataan? Cacak anjeun bisa némbongan salawasna, meureun kuring téh moal kasiksa dina kasimpé.

RABABU
Geuna-geuna anjeun melak tangkal suliga. karunya ka nu kapidangdung. Anjeun kudu bisa ngararaba rasa sasama.

JAKA
Naha ukur kuring wungkul nu kudu ngaraba rasa? Ari batur teu kudu ngaraba rasa kuring? Ari batur teu kudu ngarasakeun kumaha peurihna haté kuring?

RABABU
Lambaran carita éndah kahirupan anu minuhan léngkah jeung engapan anjeun. Anu narétésan gurilapna harepan anjeun. Hiji-hiji bakal haliberan, nungtutan ngagarupayan, mileuleuyankeun haté anjeun anu gudawang.
JAKA
Naha teu meunang kuring manggih kabagjaan? Naha ulah?

RABABU
Lain teu meunang, lain ulah. Dina mangsa ayeuna, anjeun kalintang dipahing micinta Arin. Keun, isuk jaganing géto sugan jeung sugan pareng ngarépok. Nu utama, dina mangsa ayeuna, anjeun ulah! Anjeun teu meunang, dina mangsa ayeuna.

JAKA
Nyai Rababu, lamun anjeun nyaram kuring ngahiji jeung Arin, naha anjeun daék jadi gagantina?

RABABU
(imut) Kula jeung Arin mémang taya bédana. Tapi kula ukur aya di antara impian jeung kanyataan.

Rababu diuk.

JAKA
Anjeun ngabohong, Nyai Rababu. Anjeun pasti aya di kieuna.

Jaka ngadeukeutan Pohaci Rababu, tuluy ngagolédag dina lahunan Pohaci Rababu.
Lampu pareum.










Adegan V


Wanci beurang. Jaka saré dina batu.
Noni asup, semu langlayeuseun. Noni, hiji wanoja nu umurna antara 20-25 taun.


NONI
Punteeen… punteeen…

Jaka ngoréjat. Tuluy rarat-rérét ka sakuriling.

JAKA
Nyai Rababu! Dimana anjeun?

NONI
Pangapunten abdi ngaganggu, Gan…

JAKA
Saha anjeun? Aya naon datang kadieu?


NONI
Abdi mah ukur jalmi nu tos peunggas harepan. Tadina mah abdi badé ngagéléngkeun manéh dina rél karéta… namung nguping wartos didieu aya tempat nu namina Pajaratan Cinta…

JAKA
Enya, bener. Didieu pisan Pajaratan Cinta nu ditéangan ku anjeun. Ari anjeun rék ngurebkeun cinta?

NONI
Sanés, Gan… justru abdi mah badé ngalap cinta. Rumaos tos teu gaduh cinta dina ieu diri, anu antukna tos wegah mayunan kahirupan. Mamanawian didieu abdi tiasa ngalap cinta tina cinta-cinta anu parantos dikurebkeun….

JAKA
Didieu tempat ngubur cinta, lain tempat ngalap cinta…

NONI
Sumuhun, abdi ogé yaktos perkawis éta mah. Nanging… ieu mah hoyong nyobian wé jarah ka Pajaratan Cinta, mamanawian tiasa ngalap cinta….

JAKA
Nya ari rék maksa mah kumaha anjeun. Kuring ukur mépélingan wungkul, bisi cinta anjeun korédas jeung haté-haténa. Tuh, asup wé ka jero lobang!

Noni ngaléngkah ka lebah lobang, tuluy ngagebruskeun manéh ka jero lobang.
Jaka mencrongkeun dibarung kabingung.
Teu lila, Noni hanjat deui kalayan paroman béar marahmay.
NONI
Akang… ari abdi kunaon, akang? Ahéng pisan geuning ieu mah…

JAKA
Ahéng kumaha maksudna?

NONI
Naha abdi bet ujug-ujug cinta ka akang. Hayu urang nikah sareng abdi, akang! Abdi cinta pisan ka akang…

Noni lumpat muru ka lebah Jaka. Puguh baé Jaka reuwas. Jaka lumpat ninggalkeun éta patempatan, sarta diudag ku Noni.
Agni ngaronghéap datang.

AGNI
Mang Kuncééén…! Suksés euy! Mang Kuncén…! Dimana manéh, Mang Kuncén???

Noni norojol.


NONI
Aduh alah ieung… mani kasép sareng gagah akang téh… abdi cinta ka akang…

AGNI
Aéh, aéh… saha ari manéh? Kakara wawuh ujug-ujug bogoh. Boa-boa manéh mabok cinta….

NONI
Duka atuh, akang… pokona abdi cinta ka akang…

AGNI
Manéh mah over dosis cinta…

NONI
Akang, hayu urang nikah sareng abdi…! Akang ulah lumpat….!

Agni lumpat ninggalkeun éta patempatan, kalayan diudag ku Noni.
Lampu pareum.










Adegan VI

Wanci peuting. Arin ngaronghéap. Tuluy rurut-rérét néangan Jaka.

ARIN
Jaka… Jaka… Jakaaa…!

Jaka kaluar ti panyumputan.

JAKA
Arin!

Jaka jeung Arin silih rangkul. Arin nginghak ceurik.

JAKA
Naha anjeun kadieu deui? Kapan cinta anjeun geus dikurebkeun di Pajaratan Cinta….

ARIN
Mémang geus dikurebkeun, Jaka. Tapi cinta téh teu weléh marakayangan saban mangsa.

JAKA
Lamun kitu mah taya bédana. Cinta kuring ogé kalah ngajungjurigan…

ARIN
Cinta teu weléh ngariwanan…

JAKA
Cinta kalah ngaririwaan…

ARIN
Kudu kumaha atuh, Jaka?

JAKA
Lamun kalah marakayangan, ngajungjurigan, ngariwanan, ngaririwaan… kapaksa kudu disampurnakeun.

ARIN
Kumaha cara nyampurnakeunna, Jaka?

JAKA
Kieu, sigana mah anu dikurebkeunna lain cinta wungkul, tapi sakalian wé dikurebkeun jeung awakna. Sok, ayeuna mah geura ruang kuring di Pajaratan Cinta!

ARIN
Lamun awak anjeun dikubur ku kuring, saha nu bakal ngaruang kuring? Jadi, mending kénéh awak kuring anu diruang ku anjeun.

JAKA
Ari engké anu ngubur kuring saha?

Jaka jeung Arin ngabetem. Ronghéap Suhadi datang.

SUHADI
Maranéh duaan henteu kudu diruang. Mending kénéh kubur awak kuring ku maranéh…

Arin jeung Jaka ngaranjug. Arin muru ka Suhadi, tuluy nyuuh dina nampal suku Suhadi.

ARIN
Kang Suhadi… hapunten abdi, Kang… hapunten…

SUHADI
Lamun anjeun teu bogoh ka kuring, naha atuh anjeun bet daék dikawin ku kuring?

ARIN
Hapunten abdi… Kang….

Suhadi ngaléngkah ka lebah Jaka, tuluy mencrong Jaka seukeut naker. Leungeunna tipepereket nahan amarah, lir anu sajebrod-jebrodeun nonjok Jaka.

SUHADI
Anjeun rék ngarebut pamajikan kuring?

JAKA
Enya, tapi kuring mah kakara arék. Béda jeung anjeun. Anjeun mah geus kabuktian ngarebut kabogoh kuring. Ti 10 taun katukang, kuring geus paheut jangji pikeun ngambah rumah tangga jeung Arin. Tapi anjeun ngancurkeun impian kuring. Anjeun nu ngaburak-barik harepan kuring… anjeun nu ngaburantakeun rarancang éndah kuring…

SUHADI
Kuring teu nyaho jeung teu hayang kana lalakon pamajikan. Sakabéh manusa miboga mangsa lawas séwang-séwangan. Tapi dina mangsa paheut jatukrami, hartina sakabéh lalakon mangsa katukang kudu dikubur. Kuring geus lima taun rarabi, sarta geus boga turunan. Anjeun ngaganggu rumahtangga kuring! Anjeun biadab!

JAKA
Ayeuna sanggeus anjeun nyaho lalakon cinta kuring jeung Arin, naha anjeun keukeuh rék maksakeun kahayang? Bisi anjeun teu nyaho, cinta mah moal bisa dipaksakeun. Arin ukur micinta kuring, lain micinta anjeun!

Suhadi ngahuleng.


SUHADI
Enya, hampura kuring… ana kitu mah, kuring nu kudu ngéléhan…

Suhadi ngagebruskeun manéh ka jero lobang. Arin ngaranjug, tuluy muru ka lebah lobang.

SUHADI
Sok, geura kubur awak kuring ku maranéh duaan! Kuring nu salah. Kuring nu ngarebut kabagjaan maranéh! Lamun kuring geus dikubur, maranéh bisa laluasa ngumbar kasuka….

ARIN
Kang Suhadiii! Ulah, Kang…!

Arin metot leungeun Suhadi

SUHADI
Keun baé, kuring ihlas… demi kabagjaan aranjeun…

ARIN
Ulah, Kang… hampura abdi… Kumaha teuing nasib Rizky , anak urang…. Sing karunya ka anak urang, Kang….

Suhadi hanjat deui. Tuluy Suhadi ngarangkul Arin.

SUHADI
Hayu urang mulang….

ARIN
Mangga, Kang…

Suhadi nuyun leungeun Arin, ngaléngkah ninggalkeun éta patempatan.

JAKA
Suhadi…!

Suhadi jeung Arin ngarandeg. Jaka nyampeurkeun.

JAKA
Hampura kuring… Kuring ngadu;akeun kabagjaan aranjeun…

Suhadi neuteup Jaka. Tuluy Suhadi ngarangkul Jaka.

            SUHADI
Urang silih lubarkeun, Jaka… urang silih hampura…

Sanggeus Suhadi ngaleupaskeun rangkulan jaka. Arin ngaléngkah ka lebah Jaka.

ARIN
Jaka, hampura kuring… (bari ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman)

Jaka ngabalieur, henteu daék nampanan leungeun Arin.

JAKA
Moal aya nu bisa ngaganti anjeun, sanajan diganti ku anjeun….

Suhadi nuyun deui pigeulang leungeun Arin, sarta ninggalkeun éta patempatan.
Jaka ngaléngkah ka lebah lobang. Tuluy ngagebruskeun karep ka jero lobang.
Noni Norojol.

NONI
Akaaang… akaaang…. Abdi cinta ka akang…

Noni lunga-lengo ka jero lobang. Jaka hanjat bari nyepeng suluh.

JAKA
Indit siah! Mun teu indit, disiksa ku aing!

NONI
Akang… naon lepat abdi… ampuun, akang…. Abdi cinta ka akang…

JAKA
Sakali deui ngomong cinta, ku aing disiksa!

Noni lumpat bari nginghak.
Torojol Agni.

AGNI
Suksés pisan, Mang Kuncén. Ayeuna didieu geus jadi koruptor kelas kakap. Didieu geus jadi jalma medah-meduh, sagala aya, sagala boga, sagala nyampak. Tah, ayeuna téh loba babaturan didieu anu sarua hayang ngurebkeun cinta, ngarah bisa korupsi bari teu kahalangan ku rasa karunya. Engké didinya kudu ngabagéakeun sakur babaturan didieu anu rék ngurebkeun cinta. Keun, gampil perkara honorna mah. Bisi didinya hayang hapé nu panganyarna, ku didieu dipangmeulikeun. Pokona mah engké didinya bisa maén facebook atawa twitter. Engké lamun didinya geus bisa facebookan, wayahna kudu diajar poker. Gampil modal chip mah, engké ku didieu dibéré…. Ha ha ha… aya ku nikmat geuning jadi jalma jegud téh… hanjakal teu tibaheula….

JAKA
Indit siah!

AGNI
Kumaha? Teu salah déngé ieu téh?

JAKA
Nyingkah ayeuna kénéh! Lamun henteu, disiksa ku aing!



AGNI
Aéh, aéh… kakara dibéré jabatan kuncén, didinya geus wani cucungah ka didieu!

JAKA
Sakali deui, nyingkah siah!

AGNI
Kurang ajar pisan geuning didinya téh! Na geus poho saha ari didieu?

JAKA
Paduli teuing saha manéh, nu penting lamun manéh teu nyingkah ti dieu, ku aing disiksa!

Jaka ngababukeun suluh, dibubat-babét. Agni soak, tuluy lumpat ninggalkeun éta patempatan.
Jaka ngasruk ka sisi lobang. Tuluy ngagukguk.
Arin nu salin jinis jadi Pohaci Rababu, ngaronghéap datang.

RABABU
Jaka… Jaka…

Jaka teu ngalieuk, kalah ngagukguk beuki harus.

RABABU
Jaka, ieu kula, Arin…

JAKA
Moal aya nu bisa ngaganti Arin, sanajan digantian ku Arin…
RABABU
Deudeuh teuing, Jaka… cinta anjeun teu anu geus dikurebkeun téh angger marakayangan, teu bisa disampurnakeun…

JAKA
Cinta kuring geus dikurebkeun… geus tilar dunya…

RABABU
Lamun anjeun masih kénéh micinta, anjeun ulah nyarita geus henteu cinta. Lamun anjeun teu bisa mopohokeun, anjeun ulah nyarita geus poho. Ku cara kitu pisan jiwa anjeun kasiksa. Di Pajaratan Cinta anjeun ngurebkeun cinta. Tapi dina hiji mangsa, lamun kaayaanna teu papalimpang jeung kahayang alam, anjeun bisa ngagali deui éta cinta.

Jaka cengkat, tuluy nyuuh bari ngagukguk dina dampal suku Pohaci Rababu.

JAKA
Nyai Rababu, ulah ninggalkeun deui kuring…



RABABU
Wayahna, Jaka… anjeun kudu iklas. Anjeun kudu jadi lalaki sajati nu mibanda cinta sajati. Anjeun ngarti anu anu disebut cinta sajati?

Jaka gideug

RABABU
Cinta sajati nyaéta ikhlas ngantepkeun wanoja anu dipikacinta ku anjeun pinanggih jeung kabagjaan, sanajan lain jeung anjeun. Malah anjeun kudu ngadu’akeun sangkan manéhna bagja salawasna, sanajan lain jeung anjeun….
Anjeun kudu nyaho, lamun anjeun iklas kaleungitan wanoja nu kalintang dipikacinta, éta téh mangrupa pangorbanan cinta anu hakiki… pangorbanan cinta anu hakiki…pangorbanan cinta nu hakiki….

Pohaci Rababu ngaléngkah, ninggalkeun Jaka.
Jaka melongkeun Pohaci Rababu. Sanggeus Rababu leungit, Jaka ngagebruskeun manéh ka jero lobang. Lampu pareum.


Réngsé


Sumber : http://galuh-purba.com/pajaratan-cinta-naskah-festival-drama-basa-sunda-2012
Readmore...